Selasa, 01 September 2015

biografi babaturan deket


Biografi Babaturan Deukeut

Aliya Juliani Syahrial nu biasa di landih AL, manehna dilahirkeun di Bogor dina taun 1999 putri kadua ti tilu dulurna, sim kuring mimiti panggih jeung manehna pas asup ka Sakola Lanjutan Atas 9 Bogor nu alamatna di Jl. Kartini. Asa ku kabeneran dina mangsa asup SMA sim kuring langsung sakelas jeung AL ti kelas 10 nepi ka kiwari. Tingkah polah tur lampah AL, babaturan deukeut kuring teh kacida pisan alusna patut jadi turutkeun sararea, Pinter, Bageur, ngartikeun kanu jadi babaturan (bahasa ayeuna mah Care).
Manehna ngabogaan cita-cita nu kacida pisan agungna hayang jadi Pengusaha anu sukses, mudah-mudahan sagala cita-cita jeung kahayangna meunang Ridho jeung Karunia ti Gusti Nu Maha Suci. Aamiin

biografi indung


Biografi Mamah

Dina taun 1972 lahir murangkalih awewe nu namina Ida Susilawati ti pun nini Siti Nurjanah sareng pun aki Atjip dina ping 12 Nopember di Kota Bogor Kelurahan Gunungbatu. Dina magsa sakola pun biang lebet di SDN Purbasari 3, nusaterasna dilajengkeun ka tingkatan SMP Rimba Taruna diteraskeun deui ka SMA Rimba Madya lulus dina taun 1991.
Lulus SMA dina taun 1992 ping 13 Desember rarabi sareng pun rama nu aslina urang Garut. Sataun rarabi dipasihan putri nu geulis kacida dipasihan nami Wilfa Hifdhiani nu jadi lanceuk kuring ayeuna. Lima taun tiharita dipaparin deui putri nu geulis dipasihan nami Wilma Rachma Tsani nyaeta sim kuring. Salajengna lima taun saterasna dipaparin deui turunan putri nu lucu tur geulis dipasihan nami Wianda Aghnia Salsabila nu ayeuna jadi adi sim kuring.
Pun biang ti ngawitan rarabi dugi ayeuna janten Ibu Rumah Tangga. Sakapeung kagungan kagiatan ngajajap sakola si bungsu.

biografi bapa


Biografi Bapa

Pun rama kagungan wasta Rudi Murodi dilahirkeun di Garut nu katelah Kota Intan tea, dina ping 29 April 1969 budak bungsu ti 11 dulur, ngabogaan lanceuk 10 urang. Di wedalkeun ti pun nini wastana Ibu Aminah sareng Mohammad Iman. Dina mangsa murangkalih keneh seer karesepna utamana dina widang Olahraga, sajabaning Maen Ball, Voli, Tenis Meja, sakadang malah sok Basket sagala. Ninggang mangsa sakola pun rama lebet di SDN Bayongbong 1 nu katelah dilembur mah SD Centre, salami 6 taun, salajengna diteraskeun ka tingkatan SMP nu tebih ti rorompokna tapi masih diwewengkon Garut Kota kisaran 13km, diasramakeun dugi ka tingkatan SMA. Alhamdulillah tiasa lulus dina taun 1988 angkatan ka 5.
Salajengna saba’da lulus SMA pun rama teu hoyongeun neraskeun deui sakola da saurna asa tos cararape bade istirahat heula. Saterasna dina taun 1988 ngumbara ka kota Bogor bari diajar wiraswasta dina bimbingan rakana nu tos tipayun aya di Bogor dugi ka ayeuna. Dupi pakasabanna wiraswasta dina widang Reklame sareng Percetakan di Bogor.
Dina yuswa nu masih keneh anom 24 taun pun rama rarabi sareng pun biang nu asli urang Bogor tulen nu yuswana 21 taun di taun 1992. Sataun rarabi dipercanten ku Gusti nu Maha Suci ngagaduhan katurunan awewe nu namina Wilfa Hifdhiani, lima taun saterasna dipaparin rizki deui murangkalih awewe keneh nya sim kuring Wilma Rachma Tsani, salajengna dipaparin deui murangkalih masih awewe keneh nyaeta adi sim kuring Wianda Aghnia Salsabila.