Selasa, 01 September 2015

biografi bapa


Biografi Bapa

Pun rama kagungan wasta Rudi Murodi dilahirkeun di Garut nu katelah Kota Intan tea, dina ping 29 April 1969 budak bungsu ti 11 dulur, ngabogaan lanceuk 10 urang. Di wedalkeun ti pun nini wastana Ibu Aminah sareng Mohammad Iman. Dina mangsa murangkalih keneh seer karesepna utamana dina widang Olahraga, sajabaning Maen Ball, Voli, Tenis Meja, sakadang malah sok Basket sagala. Ninggang mangsa sakola pun rama lebet di SDN Bayongbong 1 nu katelah dilembur mah SD Centre, salami 6 taun, salajengna diteraskeun ka tingkatan SMP nu tebih ti rorompokna tapi masih diwewengkon Garut Kota kisaran 13km, diasramakeun dugi ka tingkatan SMA. Alhamdulillah tiasa lulus dina taun 1988 angkatan ka 5.
Salajengna saba’da lulus SMA pun rama teu hoyongeun neraskeun deui sakola da saurna asa tos cararape bade istirahat heula. Saterasna dina taun 1988 ngumbara ka kota Bogor bari diajar wiraswasta dina bimbingan rakana nu tos tipayun aya di Bogor dugi ka ayeuna. Dupi pakasabanna wiraswasta dina widang Reklame sareng Percetakan di Bogor.
Dina yuswa nu masih keneh anom 24 taun pun rama rarabi sareng pun biang nu asli urang Bogor tulen nu yuswana 21 taun di taun 1992. Sataun rarabi dipercanten ku Gusti nu Maha Suci ngagaduhan katurunan awewe nu namina Wilfa Hifdhiani, lima taun saterasna dipaparin rizki deui murangkalih awewe keneh nya sim kuring Wilma Rachma Tsani, salajengna dipaparin deui murangkalih masih awewe keneh nyaeta adi sim kuring Wianda Aghnia Salsabila.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar